Pangandaran
Angin peuting nga gelebug tarik pisan
Ting korosak nebak dang daunan
Ting borobot sora pang pung ninggang dahan
Lir nga bagi rasa kanu ker dua an
Sora laut nga guruh handaruan
Galura na motah hentue ka tahan
Ngeundeur keun tempat anu di cicingan
Lir nga wa-waas kanu dua an
Hate kuring nambah seseblakan
Jajantung ratug tutungulan
Buah harepan teu ingkah balilahan
Tetep lengket mosket dina pangkonan
Cimata nyalangkrung lalaunan
Nyaksian ka weningan ati junjunan.
Kang Husni'05
Sabtu, 14 Mei 2011
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Kintunan Komentar