Sabtu, 14 Mei 2011

Saung panyileukan

Saung panyileukan

Angin leler nga hiliwir
Mepende hate anu simpe
Rus ras mangsa anu ka tukang
Nga bedah rasa di saung panyileukan

Manuk pi,it cing caruit
Di emprakan ku sora heulang
Mere tangara....
Nga hiji na dua rasa anu rosa
Tur motah taya le-ler na.

Di dinya pisan kelebuh na hate urang
Di gulung ku galura ka tresna
Ti Teuleum dina lamak kabagjaan
Anu endah lir patamanan sawarga

Angin le-ler nga hiliwir
Iwal rasa wa,as nu nyereset dina ati

Kang Husni'06


Pangandaran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kintunan Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes